Sabtu, 26 Maret 2022

#AFuh#TantanganMenulisHarike36 #TantanganMenulisGurusiana

Maaf A Fuh teu kengeng kitu, sing karunya ka mamah. 

Nuju dinten naon mamah nelpon ngarios saredih, saur Tati ulah diemut-emut Sari to takdir, Tati pikir mamah emut ka Sari. 

Mamah ge teu terang kunaon saredih. Eh tadi mamah naros, "Tat, leres eta teu kukumaha A Fih?" 

Henteu mah, ayeuna mah balager sadayana oge, nuju harita mah pada salah paham disangkana Tati balik nama bumi anu handap. 

Bener nya? Saur mamah. Bener mah, saur Tati. 

Tidinya Tati engeh, mamah saredih soalna kontak bathin anak-anak teu akur. 

Sing karunya ka mamah, sepuh tinggal hiji-hijina, urang ulah selisih wae, kontak bathin ka mamah. 

Urang teu tiasa masihan materi, minimal tong berpikiran negatif. Nasib urang kieu-kieu wae ulah nyalahkeun mamah anu sok nyarekan, introspeksi diri masing-masing we ayeuna mah.

Mamah teu hoyong dipasihan, Tati oge tara masihan acis, paling abi masihan THR 2 juta, tiap Kemis sok masihan 100rb, eta mah acis pensiun, Tati sok ngarios, mah ieu acis pensiun.

Palingan nyandak jeruk, martabak, kue dll, pan sami Teh Desi, Teh Eli sareng Teh Ida oge kitu sok cacandakan, mamah sok cerita.

Pek teh saur A Heri, upami kengeng acis, sok ka Gang Petey meser obat. 

Salami ieu acis pensiun kanggo uang makan mamah 900rb, listrik 370rb, mingguan 400rb, upami ditotal 1.700.000 kirang, sedangkeun acis pensiun kengeng 1.400.000. 

Kakuranganna tina acis kematian bapak anu 13jt.

Kin Tati ngadamel perhitunganna, teu acan sempet wae.

Tenang sadayana dicatet, malah kadang difoto bilih mamah hilap, Tati gaduh buktina.

Nu penting mah ka mamah perhatian sareng rajin sholat, mamah paling resep ka A Heri anu sok k masjid, atoh pisan ninggalina, mamah tenang, sanes hoyong dipasihan acis.

Upami ka A Fuh sareng ka A Yanto mah lan mamah tebih bumina jadi teu terang kumahana.

#AFuh
#TantanganMenulisHarike36 
#TantanganMenulisGurusiana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar